Salah sahiji calagara anu biasa dilakokan ku Pamaréntah Kota Sukabumi dina raraga miéling milangkana Kota Sukabumi nyaéta ku ngayakeun rapat paripurna DPRD Kota Sukabumi dina tiap tanggal 1 April.
Dina miéling milangkala anu ka-110 Kota Sukabumi, paripurna taun ieu bisa disebut béda jeung taun-taun saméméhna, iwal taun 2023 kamari. Duméh dina milangkala kota taun ieu mah diluuhan langsung ku Penjabat Gubernur Jawa Barat, Bey Triadi Machmudin.
Disebut béda ogé nalika dina rapat paripurna, kecap pangbagéa jeung biantara para pajabat ngagunakeun Basa Sunda. Sebut baé Pj. Gubernur Jawa Barat, Pj. Wali Kota Sukabumi, Kusmana Hartadji, biantara ku ngagunakeun Basa Sunda. Malah, sajarah singket ngeunaan Kota Sukabumi ogé dibacakeun ku Sekrétaris Daérah Kota Sukabumi, Dida Sembada dina wangun Basa Sunda.
Rapat Paripurna Miéling “Hari Jadi” anu ka-110 Kota Sukabumi diluuhan ku sakumna élémén, di antarana; Forkopimda, para inohong kota, para nonoman, organisasi masyarakat, jeung réa-réana deui. Hal ieu nuduhkeun sakumaha anu mindeng dikamandangkeun ku Penjabat Wali Kota Sukabumi ngeunaan kolaborasi jeung sauyunan.
Pangbagéa Penjabat Gubernur Jawa Barat
Bey Triadi Machmudin, dina pangbagéana nyebutkeun yén Kota Sukabumi miboga carita jeung jalan anu panjang. Jejer ngeunaan Kota Sukabumi dicaritakeun ku wargana di tiap sikluk, di rohangan-rohangan, di unggal warung, di pasar tradisional, jeung di tempat séjénna.
“Kota Sukabumi nyaritakeun kumaha jalma bisa hirup kumbuh sabari nyanding jeung alamna. Tur kumaha antara papada jalma bisa hirup sabeungkeutan jadi sumber kakuatan,” ceuk Pj. Gubernur Jawa Barat.
Kalayan tema “Menuju Kota Sukabumi Bahagia Lahir Batin”, Bey Triadi Machmudin ngajak ka hadirin sangkan bisa ngaronjatkeun diri ku cara kontémplasi, ngasah jeung ngolah rasa batin. Kabagjaan dicirikeun lain saukur ku tagog fisik gedong sigrong, ogé dicirikeun ku marahmayna paroman masyarakat Kota Sukabumi.
“Kabagjaan lain saukur kaluar tina ngaguruhna sora mesin mobil, ogé kaluar tina surakna kabungah barudak anu arulin di ieu wewengkon. Sim kuring ogé seja ngadeudeul jeung ngarojong mekarna Kota Sukabumi dina sagala widang, utamana spiritual,” tambahna.
Pamaréntah Provinsi bakal terus narékahan keur ngaronjatkeun pangwangunan infrastruktur anu merenah, pelayanan kaséhatan, jeung ngokolakeun lingkungan di Kota Sukabumi.
Sok sanajan kitu, Pj. Gubernur méré pépéling, sakumaha alus jeung tohagana infrastruktur anu diwangun, lamun batin jeung haté masyarakat henteu bagja jeung tumaninah, sakabéhna bakal karasa hapa.
“Ku kituna, hayu urang ngajaga ieu kota sangkan tetep nanjung tur linuhung ku sikep sauyunan. Hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngawangun Kota Sukabumi sangkan jadi kota anu dipinuhan ku kabagjaan, lahir jeung batin,” ceuk Pj. Gubernur Jawa Barat.
Dina raraga nyanghareupan Idul Fitri 1445 H, Bey Triadi Machmudin nandeskeun ngeunaan arus mudik jeung arus balik mangrupa tradisi dina lebaran. Kusabab kitu, jalan jeung alat patalimarga anu baris kaliwatan kudu bener-bener disiapkeun.
Malah, dina sababaraha poé sanggeus lebaran, Sukabumi anu katelah ku sababaraha tempat wisatana bakal jadi pamuruan jalma ti kota séjén. Ku kituna, kolaborasi jeung sinergitas sakabéh élémén jadi hiji kamistian sangkan kaamanan jeung kondusifitas Kota Sukabumi bisa kajaga.
Pj. Gubernur Jawa Barat nutup catur ku ajakan, sangkan masyarakat leuwih waspada tur permana dina nyanghareupan rupaning balahi saperti lini, banjir, caah, jeung bencana alam lianna.
Pangbagéa Penjabat Wali Kota Sukabumi
Dina Rapat Paripurna Miéling Poé Ngadeg anu ka-110 Kota Sukabumi, Pj. Wali Kota Sukabumi, Kusmaha Hartadji ngajak sangkan pamaréntah jeung masyarakat kota nanjeurkeun motto: reugreug pageuh répéh rapih, tata tentrem, tur tata raharja.
Hal anu diperedih nyaéta, dina kahirupan sapopoé kudu “ngaimpléméntasikeun” atawa ngabumikeun norma jeung étika. Ka saluhureun kudu mintonkeun sikep handap asor, kitu deui ka sahandapeun.
“Téma anu jadi jejer dina raraga miéling poé ngadegna Kota Sukabumi taun ieu nyaéta ‘Menuju Kota Sukabumi Bahagia Lahir dan Batin’, hal ieu loyog sareng visi kota, sangkan dina kahirupan ngawujud sikep sauyunan antara pamaréntah sareng masyarakat,” Pj. Wali Kota Sukabumi nyaturkeun.
Kusmana Hartadji nandeskeun, ku niténan poténsi jeung sumber daya anu aya di Kota Sukabumi, sabenerna geus moal hésé deui keur urang dina ngawangun ieu kota nalika ngaheulakeun sikep sauyunan.
Sajarah Singket Kota Sukabumi
Sekrétaris Daérah Kota Sukabumi ngaguar sajarah singket Kota Sukabumi dina Rapat Paripurna. Dida Sembada ngamimitian ngaguar sajarah Kota Sukabumi ku nyaturkeun yén awal ngaran “SOEKA-BOEMI” kawéntar ka luar Sukabumi tanggal 13 Januari 1815 ku administratur perkebunan anu ngaranna Andries Chistoffel Johannes de Wilde, urang Walanda anu bubuara di Sukabumi, néangan taneuh anu cocog keur perkebunan.
Sekrétaris Daérah Kota Sukabumi nyebutkeun tumuwuhna Sukabumi ti mimiti ayana Gemeente Soeka Boemi nepi ka kiwari. Kahiji, dina perang dunya kadua tanggal 1 Maret 1942 tangtara Jepang ngajorag di Pulo Jawa, nyaéta di Rembang Jawa Tengah, Karawang, jeung Merak Jawa Barat. Ku datangna Jepang, ahirna Hindia Walanda serah bongkokan tanggal 8 Maret 1942.
Kusabab antara hiji wewengkon jeung wewengkon sejen gampang kajorag ku Jepang, Kota Praja Sukabumi atawa Gemeente Soekaboemi diganti ngaran ku Soekaboemi Shi jeung Kabupaten Sukabumi disebut Soekaboemi Ken
Dida Sembada nyebutkeun, antara taun 1950 nepi ka 1957, Kota Sukabumi dibere ngaran Kota Ketjil Sukabumi. Tuluy sanggeus Undang-Undang Nomer 1 Taun 1957 dikaluarkeun, Kota Kecil Sukabumi diganti jadi Kotapraja Sukabumi.
“Setateus Kotapraja anu lumangsung ti tanggal 17 Januari 1957 téh, dina taun 1965 ngalaman parubahan ngaran jeung landihan deuih. Hal ieu geus tangtu loyog dina méré ngaran ka Pamaréntahan Daérah Kota, dumasar kana kawijakan Pamaréntahan Républik Indonésia,” tambahna.
Ti taun 1999 nepi ka kiwari, ku ayana UU Nomer 22 Taun 1999, sebutan Kotamadya dirobah jadi kota. Ieu Undang-Undang méré rohangan anu béda antara lambaga éksékutif jeung lambaga législatif saperti anu diamanahkeun dina pasal 14 ayat 1, yén ”di daerah dibentuk DPRD sebagai badan legislatif dan pemerintahan daerah sebagai eksekutif”.
Ngeunaan mimiti calagara milangka kota lumangsung dina tahun 1970 mangsa Wali Kota Saléh Wiradikarta, S.H. ku ngawujudkeun Panata Calagara Milangkala Kota (Panitia Sejarah) Kota Sukabumi. Ieu panata calagara boga pancén ngayakeun panalungtikan pikeun ngumpulkeun bahan-bahan anu bisa dijadikeun tatapakan dina nangtukeun iraha milangkala Kota Sukabumi téh.
Dumasar Surat Kaputusan Déwan Perwakilan Rakyat Daérah Kota Sukabumi Nomer 3/11/Kep/DPRD/70 ngeunaan ditetepkeunana Milangkala Kota Sukabumi satiap tanggal 1 April.
Tanggal 1 April 1970 mitembeyan diayakeun Upacara Miéling Milangkala Kota Sukabumi. Hal éta ditandeskeun deui ku Perda Nomer 8 Taun 1985 ngeunaan netepkeun tanggal 1 April salaku Hari Jadi atawa Milangkala Kotamadya Daérah Tingkat II Sukabumi.
Pewarta : Kang Warsa
Dokumentasi : Dede Soleh Saepul
DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari