Kakarén Lebaran



Geus jadi babasaan di wewengkon urang nyebut kakarén kana kadaharan anu masih kénéh aya sababaraha poé sanggeus lebaran. Kakarén lebaran biasana kadaharan sésa, saaya-aya, kuéh kering lolobana mah geus saremplak, ulén kari sagebing, kuéh kaléng geus mancawura ngahiji antara bentuk itu jeung ieu.

Kecap kakarén miboga cognate atawa sawangun/saadegan jeung kariaan, di wewengkon Jawa beulah wétan mah disebut kenduri. Ilaharna dina acara salametan atawa kariaan (di wewengkon Sukabumi aya ogé anu nyebut hajat) kadaharan anu disuguhkeun biasana rupaning kadaharan tapi kawilang saaya-aya, malahan leuwih meredih masarakat sangkan ngayakeun kadaharan kudu ngaya-ngaya.

Salian ti kakarén lebaran, di masarakat urang ogé dipikawanoh istilah bebeyé (kabebeyé), ieu mah kadaharan sésa tina opor, rendang, atawa asakan sarupaning daging anu terus-terusan dihaneutkeun deui, dicampuradukkeun cara ngasakanna tiap isuk nepi ka jadi beyé. Bebeyé bisa disebut kadaharan “recyle” atawa “daur ulang”. Bebeyé biasa dicocol ku ulén.

Kakarén jeung bebeyé lebaran ku ukuran mangsa kiwari bisa disebut BS atawa barang sésa. Ayana dua istilah ieu nandakan yén masarakat di urang bener-bener mikanyaah kana kadaharan ulah nepi ka nyésa atawa mubadzir teu kadahar. Nepi ka taun 90-an katompérnakeun, anu jadi uyut atawa aki jeung nini sok nyarék ka incu anu nyésakeun réméh dina piring ku kalimah: “ Ulah ngaréméh, bisi boga budak raméték, Jang!”.

Atikan hirup ku tradisi jeung kabiasaan di masarakat Sunda di luhur jigana dina mangsa kiwari mah geus henteu pati dipaliré malah diapilainkeun kusabab boga anggapan naon-naon anu kungsi dilakonan ku uyut, aki, jeung nini urang geus katinggaleun jaman. Conto leutik, dina tiap kariaan, walimahan, atawa calagara milangkala geus lain hal anéh sésa sangu, daging, cai mineral, jrrd. Dilelebar, sakapeung urang ogé henteu sadar di sagigireun urang anu masih kénéh bisa barang dahar, di wewengkon séjén henteu saeutik jalma anu bajoang ngalawan rasa lapar.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Kakarén Lebaran"