Ti puasa ka puasa deui, loba anu kudu dicaritakeun. Sok sanajan jejerna éta deui éta deui. Keur ukuran urang salaku jalma anu geus ngatranformasikeun diri tina masyarakat rural ka neo-urban ngan dua pasualan anu jadi jejer carita dina tungtung bulan puasa: kamacétan di jalan jeung bukber.
Lima taun ka tukang, kuring kungsi ngomong ka babaturan, harita keur nincak bulan puasa, " Jigana, lima taun kahareup mah anu ngaranna jalan jeung gang leutik bakal padedet ku kandaraan, Kang!" Teu kudu disebut ramalan, éta mah éstuning analisa kuring nalika nalingakeun kaayaan di jalan waktu harita.
Lima taun ti saprak éta ucapan, bulan puasa geus asup kana poé katujuh, kuring rék aya perlu, balanja ATK ka salah sahijin toko di dayeuh anu pernahna aya di Jalan Raya Ahmad Yani. Lain bohong anu ngaranna motor jeung mobil padedet minuhan jalan. Ngeteyep silih sedek. Jalma-jalma ogé euyeub minuhan jalan, ceuk urang Jakarta mah "tumpah ruah".
Keur ukuran Kota Sukabumi, anu can nepi kudu disebut metropolitan, kamacétan samodél kitu can bisa disebut hal wajar. Ngan lamun niténan kaayaan kota-kota di nagara katilu, kamacétan mémang mangrupa kajadian sapopoé. Ieu dilantarankeun ogé ku kawijakan di nagara-nagara katilu.
Disebut nagara katilu, lain saukur métafora kecap atawa idiomatik. Ieu bener-bener nuduhkeun lamun jalma atawa masyarakat anu hirup di nagara katilu boga tilu habitat; di imah, di jalan, jeung di pagawéan.
Lamun diitung-itung mah, kurang leuwih saparapat umur jalma dibéakkeun di jalan jeung di tempat pagawéan. Imah ngan saukur tempat mulang, reureuh sababaraha jam, geus kitu ditinggalkeun deui. Teu béda jauh jeung kontrakan atawa kamar hotél.
Leutik pisan pangaruhna, sanajan harga BBM apung-apungan ogé, jalan tetep baé macét komo nalika bulan puasa geus nincak kana tanggal lilikuran. Jalma-jalma neo-urban ti Jakarta baralik ka lembur, bari mawa budaya metropolis, anu sapopoéna teu bisa pisah jeung kamacétan.
Dina tanggal lilikuran, disampurnakeun ku acara buka bersama. Tempat-tempat kuliner heurin usik. Méméh magrib ogé mobil geus ngajajar di tempat parkir. Minangka ukuran kasaksésan gawé salila sawelas bulan.
Méméh réformasi mah kabiasaan buka bersama téh dilakonan ku barudak di sakolaan. Ayeuna mah jalma anu umur geus nincak wanci sariak layung ogé anclub ngabiasakeun buka bersama jeung komunitasna. Lamun teu kitu? Inggis disebut katinggaleun jaman.
Hartina mah, masarakat geus tangtu bakal miboga cara anu béda-béda dina ngusi puasa ti hiji mangsa ka mangsa, di jaman ka jaman, jeung ti generasi ka generasi. Udaganna lain nanaon, sangkan bulan puasa ieu miboga harti dina hirupna.