Puasa di Lembur: Mudik


Mudik, lamun niténan kana struktur kecap asal tina kécap Udik  ditambahan ku rarangkén atawa prefix  me- jadi mengudik, hartina balik deui ka udik, ka dusun, ka lembur, ka lemah cai.

Dina istilah élmu sosial disebut ogé ruralisasi, antonim tina urbanisasi. Ngan teu sagemblengna. Aya béda anu jelas antara ruralisasi jeung urbanisasi, antara ngota jeung ngudik. Ilaharna, jalma anu asalna ti lembur tuluy ka kota sok kabawakeun ku budaya urban, nalika balik deui ka lemburna atawa mudik sok mintonkeun budaya urban di lemburna sorangan.

Ah, da geus galib ayeuna mah. Malah sanggeus kamandang "global village" pamisah antara kota jeung kampung ngan saukur diwatesan ku hal anu sifatna administrasi pamaréntahan wungkul. Geus teu bisa dipisahkeun deui ku anu ngaranna budaya, geus pacampur pagalo. Urang lembur ayeuna geus teu birek kana kadaharan samodél pizza, burger, hotdog, jrrd. Sumawona urang kota ogé, geus moal birek malah moal barieukkeun jeung budaya lembur. Keur ukuran masyarakat Indonésia mah, atuh da asalna mémang masyarakat lembur.

Balik deui kana mudik anu geus jadi budaya di masyarakat urang, kudu dilakonan saméméh lebaran. Teu salah, da anu ngaranna jalma dina dirina geus dipelak sistim "romantika" sono ka lembur anu ditinggalkeun. Komo keur masyarakat Sunda anu asalna mibanda kultur ngahuma, ngebon, jeung nyawah, indit-inditan ka lembur séjén téh ari lain keur nyukupan pasualan pangabutuh mah asa ku wegah ninggalkeun lembur jeung lemah cai. Saterusna sono lain saukur sono tapi aya udagan anu leuwih mulia, munjung ka indung-bapa, ngariung jeung papada urang lembur.

Euweuh anu ngamasalahkeun nalika jalma mudik terus mawa budaya urban dina mangsa kiwari. Da geus katoong sagala rupa budaya urban dina sinétron ogé, kitu ari hirup urang kota mah. Ngan salian ti mawa budaya urban, aya ogé anu mudik seja mintonkeun éksistensi diri, geus suksés di dayeuh. Teu jadi sual, sakudunan kitu, lain riya tapi minangka tahadduts binni'mat, nyebut-nyebut ni'mat anu katarima. Tibatan ngaguar baé hal goréng jeung kalemahan diri.

Anu di luhur mah tangtu kaalaman ku mudikna jalma lembur anu mumbara jeung gawé di Jakarta atawa kota gedé séjénna. Aya ogé anu mudik régional, ti kabupatén ka kabupatén anu sawawa dina tingkat kamajuanna. Geus béda deui caritana. Nya da sabenerna keur ukuran jalma-jalma modérn anu geus biasa hirup jeung kamajuan alat-alat patalimarga mudik, migrasi, mobile, jeung sebutan séjénna geus lain hal anu hésé. Béda jeung baheula.

Ngan, mudik disebut mudik téh pédah wé lumangsungna bareng jeung lebaran. Migrasi témporer dilakonan ku manusa kontémporér kusabab hayang milu aub ngareuah-reuah poé lebaran. Keun teu puasa ogé nu penting milu merdéka, maksud merdéka di dinya tangtu bébas deui dahar jeung ngudud waktu beurang sabari gudag-gidig kaditu-kadieu.

Mudik mangrupa sikep nomaden jalma-jalma modérn, niatna beresih jeung alus. Hayang lebaran di lembur sorangan. Lemah cai anu geus jeung keur direbut ku deungeun-deungeun. Saminggu ti harita, nya kitu deui, sawah, kebon, huma, tegalan, jeung leuweung pada naringgalkeun deui. Baralik deui ka pangumbaraan anu pinuh ku pangolo jeung pangénéng.

Sabab urang geus hirup di hiji mangsa anu disebut "global village". Kampung anu ukuranna New York, Paris, London, jeung Amsterdam. Lain kampung anu ukuranna Wangunreja, Cipiit, Ciawitali, jrrd.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.