Isuk-isuk geus ditanya ku Mang Heru, apal fanpage "Human of New York teu, kang?". Nya, teu apal. Ngan anu jelas - ceuk Mang Heru- sorangan, fanpage samodél kitu kudu dipiboga ku Kota Sukabumi. Inspiratif sifatna, ngabolékérkeun kahirupan warga kota ti sisi ti gigir. Sebut baé - ceuk kuring - minangka wangkongan masyarakat urban jeung néo-urban anu aya di ieu wewengkon.
Kusabab anu diperedih téh wangkongan masarakat urban, tangtu sakabéh pasualan kudu dibralkeun kalawan daria sok sanajan random atawa ngacak cara nyuguhkeun iber jeung informasina. Ieu dilantarankeun ku dua hal, téma jeung jejer dina kahirupan masyarakat urban katénjo acak, kompléks, tur hétérogén. Kadua, iber jeung eusi informasi teu ajeg kitu baé tapi dipangaruhan ku sagala widang anu mibanda sifat multi-diménsi.
Sapoé jeput lilana masarakat urban bisa ngawangkongkeun pasualan beuki macét jeung padedetna jalan raya. Kabéh milu aub jeung cumarita arék di sisi jalan, warung kopi, ogé média sosial. Kamandang jeung pamanggih kalaluar. Isukna, jejer caritaan bisa ganti kana pasualan politik arék sekup lokal, régional, nasional, ogé manca nagara. Cindekna, wangkongan masyarakat urban mah moal aya bérésna.
Hal anu moal aya bérésna ieu sabenerna anu dimangpaatkeun ku média keur ngahasilkeun iber jeung informasi sabagé sumberna. Teu anéh, unggal poé jeung peuting, stasiun tivi moal kakurangan stok iber jeung informasi anu disuguhkeun ka masyarakat. Arék sumber anu mémang dipercaya atawa saukur iber hoaks anu penting ngeunah dibaca ogé didéngéna. Malahan masarakat urban sorangan anu jadi agén iber jeung informasi média- média anu geus araya ku cara ngabagikeun ka média sosial anu dipiboga ku masarakat.
Keur ukuran Kota Sukabumi anu kawilang kota leutik geus jadi hal anu urgen miboga média -utamana média online - lain ngan saukur medalkeun iber-iber tarékah jeung kagiatan Pemkot wungkul, ogé kudu dipinuhan ku informasi kagiatan masarakat kota anu kawilang komplék. Ku nalar mah geus kaitung, ngokolakeun Kota Sukabumi kudu leuwih gampang sabenerna mah lamun dibandingkeun jeung ngokolakeun Kabupatén Sukabumi. Tapi téori ieu teu sagemblengna bisa diterapkeun di urang, anu sakuduna nalika hiji wewengkon leuwih leutik bakal sabanding jeung beuki gampangna ngurus ieu wewengkon teu sapagodos. Tangtangan leuwih gedé sabab "gésékan" kapentingan leuwih mahabu. Malah teu saeutik jalma-jalma ti Kabupatén Sukabumi sorangan anu milu aub jeung makalangan ngareuah-reuah kompléksitas di Kota Sukabumi.
Lamun kanyataan ieu diabur jeung teu dibéré wates anu jelas ku tarékah Pamaréntah Kota, tangtu wangkongan masyarakat urban Kota Sukabumi bakal leuwih ngalémbéréh kana iber-iber anu sifatna masih samar jeung can jéntré kasang tukangna. Kusabab keur ramé ngaguar patalimarga, nya teu di dunya nyata ogè dunya maya, wangkongan masyarakat urban tangtu ngaguar éta pasualan . Arék dipipidingan ku alesan naon baé ogé angger wé anu ngaranna masyarakat butuh kajelasan. Di dieu perluna, pamaréntah kota miboga kantor infokom téh sok komo aya media center.
Masyarakat lamun digiringkeun kana hal anu samar jeung masih jadi wawacan bakal leuwih panasaran hayang mikanyaho kana naon anu sabenerna keur lumangsung. Ulah salah, di jaman nalika kakawasaan geus tibalik tina séntralisasi kana déséntralisasi, masyarakat bakal leuwih sumanget dina méré kamandang jeung ngawacanakeun alam pikiranna. Lamun pamaréntah kota kurang merhatikeun jeung teu boga stratégi anu jitu keur mermanakeun tiap pasualan, iber jeung informasi anu kurang konstruktif ogé bakal gampang ditarima ku masarakat. Leuwih komo lamun pasualan geus dikuat-kait jeung pasualan politik.
Mémang kurang payus ogé lamun diri urang boga sangkaan kawajiban ngaheuyeuk kota ngan ditibankeun ka pamaréntah kota wungkul. Tangtu kabéh boga jeung wajib mintonkeun tarékahna séwang-séwangan keur ngawujudkeun pangwangunan kota.