
Tim Koordinasi Kerja Sama Daerah (TKKSD) Pamaréntah Kota Sukabumi nyalagarakeun rapat dina poé Kemis, 23 Januari 2025 di Rohangan Désk Bagian Pemerintahan Sétda Kota Sukabumi. Calagara diluuhan ku Penjabat Sekrétaris Daérah Kota Sukabumi, M. Hasan Asari.
Dina éta rapat, Pamaréntah Kota Sukabumi jeung Pengadilan Negeri Sukabumi sapamadegan jeung sapuk dina ngagunakeun inovasi anyar dina layanan padumuk Dinas Kependudukan dan Pencatatan Sipil (Disdukcapil).
Salah sahiji hasil gawé rancagé ieu nyaéta dua pihak baris ngagunakeun aplikasi berbasis digital anu dibéré ngaran SIPIL atawa Sistem Informasi Penetapan Pengadilan Terintegrasi Disdukcapil. Ieu aplikasi dijieun sangkan gampang dina netepkeun hal anu aya patula-patalina jeung data padumuk. Utamana, data anu aya hubunganna jeung pangadilan.
Dina éta calagara, Hasan Asari salaku Penjabat Sékda Kota Sukabumi nyebutkeun yén dirina ngadukung kalawan daria kana gawé rancagé antara Pamaréntah Kota Sukabumi jeung Pengadilan Negeri Sukabumi.
“Naon anu dilakonan mangrupa kahadéan pikeun masyarakat, Ku kituna, pamaréntah kacida satuju pikeun ngayakeun gawé rancagé jeung Pengadilan Negeri Sukabumi,” pokna.
Gawé rancagé ieu ngawengku sababara hal, di antaranya, aplikasi dijieun sangkan jadi instrumén anu ngagampangkeun masyarakat dina ngarobah jeung ngabenerkeun data padumuk sanggeus ditetepkeun ku pangadilan.
Kolaborasi atawa gawé bareng antara pamaréntah kota jeung Pengadilan Negeri Sukabumi mangrupa simbiosis mutualisme atawa slih nguntungkeun. Data padumuk anu dihasilkeun ogé bakal leuwih valid.
Ku ayana aplikasi SIPIL, Pamaréntah Kota Sukabumi migoba harepan, masyarakat Kota Sukabumi bisa ngamanfaatkeun layanan padumuk sangkan leuwih éfisién jeung transparan. Gawé rancagé mangrupa hal nyata atawa kongkrit dina raraga ngawujudkeun “pelayanan publik” nu ngamanfaatkeun digitalisasi di ieu wewengkon.
Inovasi samodél kieu, nuduhkeun yén Pamaréntah Kota Sukabumi soson-soson dina ngaronjatkeun kualitas layanan ka masyarakat. Iwal ti éta, hubungan tiap lembaga bakal leuwih raket dina ngawujudkeun Good Governance. **Kang Warsa
Dokumentasi : Dede Soleh Saepul
DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari