Dina poé Kemis, 13 Fébruari 2025, Penjabat (Pj) Wali Kota Sukabumi, Kusmana Hartadji, muka Pelatihan Senam Anak Indonésia Hébat anu dilaksanakeun di GOR SMA Negeri1.
Calagara anu diayakeun ku Ikatan Guru Olahraga Nasional (IGORNAS) Kota Sukabumi diluuhan ku para inohong, kaaasup ku wawakil Cabang Dinas (KCD) Wewengkon V Sukabumi, Kormi Jabar, Dinas Pemuda, Olahraga, jeung Pariwisata (Disporapar), Kasi Pendidikan Madrasah Kemenag, Kapala SMAN 1 Sukabumi, jeung para guru PJOK sakota Sukabumi.
Dina pang bagéana, Kusmana Hartadji negeskeun yén Senam Anak Indonésia Hébat mangrupa bagéan tina program Kementerian Pendidikan Dasar dan Menengah (Kemendikdasmen) anu miboga tujuan ngarojong "Gerakan 7 Kebiasaan Anak Indonelésia Hébat". Tarékah ieu dilakonan keur ngawangun karakter positif barudak Indonésia ku milampah kabiasaan alus unggal poé.
"Senam Indonésia Hébat sanés ngan saukur aktivitas fisik, tapi ogé kedah janten bagéan tina sikep kréatif urang dina ngatik murangkalih sangkan langkung aktif sareng séhat. Senam ieu diwanohkeun ka balaréa saheuleut sareng dipedalkeunna Album Lagu "Tujuh Kebiasaan Anak Indonésia Hébat" anu ngagaduhan maksad pikeun ngaédukasi sareng nginspirasi barudak," pok Kusmana Hartadji.
Dumasar kana siaran pers nomer 657/sipers/A6/XII/2024, Kemendikdasmen medalkeun "Gerakan 7 Kebiasaan Anak Indonésia Hébat" dina 27 Désémber 2024 di Jakarta. Program ieu ngajak barudak pikeun nerapkeun tujuh kabiasaan anu alus, nyaéta: hudang isuk-isuk, ibadah, olahraga, dahar anu séhat jeung bergizi, resep diajar, hirup jeung masyarakat, jeung saré dina waktuna.
Salaku organisasi anu anggahotana dieusi ku para guru olahraga, IGORNAS miboga tempat anu penting dina raraga ngawujudkeun saksésna program ieu ku pelatihan senam pikeun para guru. Pj Wali Kota Sukabumi méré peunteun alus ka IGORNAS Kota Sukabumi anu geus ngayakeun ieu pelatihan.
"Abdi ngarojong pisan kana ieu pelatihan sareng miharep ieu senam sangkan teras dipraktékkeun ku tiap sakola di Kota Sukabumi. Ku ayana pelatihan, hayu urang pastikeun yén senam téh lain ngan saukur janten kagiatan di sakola wungkul, tapi ogé kedah dilakonan ku murangkalih di bumina séwang-séwangan sareng kulawargana," tandes Kusmana Hartadji.
Keur nguatkeun, Kusmana ngusulkeun sangkan Senam Anak Indonésia Hébat dilaksanakeun di unggal munggaran mata pelajaran olahraga di sakola. Ku cara kitu, barudak bisa ngajadikeun senam salaku kabiasaan anu teu saharitaeun, saluyu jeung tujuan ngawangun karakter generasi anu séhat, aktif, jeung pinunjul.
Dina nutup pang bagéana , Pj Wali Kota Sukabumi nganuhunkeun ka sakumna pihak anu geus rempug jukung ngawujudkeun saksésna pelatihan ieu, utamana ka IGORNAS Kota Sukabumi.
Pj. Wali Kota Sukabumi mungkas ku kalimah, "Mugia ieu calagara janten hiji awalan anu saé pikeun ngaronjatkeun atikan di Kota Sukabumi sareng tiasa ngarojong kabiasaan hirup séhat dina kahirupan sadidinten murangkalih urang. Ku sikep sauyunan, urang sadayana bakal tiasa ngalahirkeun generasi Indonésia anu langkung hébat".(Kang Warsa)

Dokuméntasi : Dede Soleh Sapul
DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari