H. Ayep Zaki jeung Bobby Maulana Diistrénan jadi Wali Kota - Wakil Wali Kota Sukabumi

H. Ayep Zaki jeung Bobby Maulana diistrénan jadi Wali Kota - Wakil Wali Kota Sukabumi periode 2025-2030 ku Présidén Prabowo Subianto di Istana Kepresidenan dina Kemis, 20 Fébruari 2025.

Ku diistrénannana ieu, mangrupa bahagéan tina calagara nasional anu mana aya kana 481 pupuhu provinsi, kota, jeung kabupatén sa-Indonésia anu diistrénan dina poé ieu.

Tatahar Saméméh Diistrénan

Saméméh diistrénan, H. Ayep Zaki nyaritakeun ngeunaan prosés anu dilakonan dina nyanghareupan calagara penting.

“Dinten ieu, kaping 20 Fébruari 2025, mangrupi dinten pelantikan kepala daérah sa-Indonésia. Aya 481 kepala daérah anu diistrénan dina dinten ieu, kalebet abdi," pok H. Ayep Zaki.

Ceuk pamanggihna, keur tatahar dina nyiapkeun calagara nyaéta ku dilaksanakeunna gladi kotor jeung gladi bersih. Saméméhna, H Ayep Zaki jeung Bobby Maulana ogé dités heula kaséhatannana.

Saterusna, Wali Kota Sukabumi, H. Ayep Zaki nyebutkeun yén dirina jeung Bobby Maulana kudu ngajugjug ka Monas dina jam 06.00 WIB pikeun ngaluuhan hiji prosési di Monumen Nasional (Monas) saméméh ka Istana Keprésidénan.

“Henteu aya tatahar khusus, mung dina dinten ieu, aya rasa bingah sareng bagja kumargi ieu mangrupikeun puncak tina jejer sareng lalakon panjang Pilkada 2024. Saatos ieu, abdi sareng Kang Bobby badé langsung ka Kota Sukabumi kanggo ngaluuhan calagara sérén-sumérén kalugguhan ti Pj Wali Kota Sukabumi, saterasna ka DPRD kanggo biantara munggaran dina Rapat Paripurna,” tambahna.

Salaku pamingpin anyar Kota Sukabumi, H. Ayep Zaki nyuprih dunga jeung pang rojong ti sakumna masyarakat. “Abdi nyuhunkeun dunga ti masyarakat Kota Sukabumi, para inohong, cendekiawan, alim ulama, sareng pengusaha supados urang sadayana dipaparinan kaberkahan pikeun ngawangun Kota Sukabumi anu langkung saé—tegesna Kota Sukabumi anu sejahtera,” pokna deui.

Museurkeun Diri Kana ‘100 Hari Kerja’

Réngsé diinstrénan, H.Ayep Zaki netepkeun sababaraha prioritas anu baris dicumponan dina ‘100 Hari Kerja’ dina mingpin ieu kota. Salaku Wali Kota Sukabumi, H. Ayep Zaki negeskeun bakal langsung nyumponan jangji politikna.

“Sahenteuna aya 11 janji politik anu kedah ditedunan. Iwal ti éta, abdi sareng Kang Bobby bakal museurkeun diri kana ngiatkeun sistem fiskal daérah,” ceuk H. Ayep Zaki.

H. Ayep ngajéntrékeun yén sistem fiskal kudu kuat jeung séhat, boh tina pendapatan asli daérah (PAD), ogé tina ngokolakeun Badan Layanan Umum Daérah (BLUD) jeung Badan Usaha Milik Daérah (BUMD).

“Sadayana baris dibebenah, diséhatkeun, dikiatkeun, sareng dironjatkeun. Konci kasuksésan ngawangun daérah nyaéta urang kedah gaduh pamaréntahan anu séhat, kiat, sareng mibanda asét anu ageung,” pokna.

Éfisiénsi jeung Éféktivitas Pamaréntahan

H. Ayep Zaki ogé negeskeun pentingna éfisiénsi jeung éféktivitas dina pamaréntahan. “Sadaya SKPD sateuacan ngaluarkeun anggaran atanapi waragad kedah dibreakdown heula pikeun diévaluasi. Contona, sabaraha biaya pelantikan ieu, sateuacan angkat ka dieu, abdi sakekedahna terang heula supados tiasa diéfisiensikeun,” jelasna.

Numutkeun pamadeganna, pola dina ngokolakeun anggaran anu bakal diterapkeun nyaéta museurkeun kana anu baris dikaluarkeun (output) jeung bener-bener kudu cocog, keur naon éta anggaran dikaluarkeun, supaya henteu boros.

“Abdi mah moal ngahapus anggaran, mung kedah cocog sareng pangabutuh. Abdi gaduh sawangan, ieu ngan saukur akibat nu moal lami, tapi insyaAllah tiasa ngaréngsékeun pasualan utami kota. Udagannana mah pikeun kaluginaan masyarakat,” tambahna.

Ku tékad anu kuat, H. Ayep Zaki negeskeun yén kapamingpinan dirinya jeung Bobby Maulanan mangrupa hiji pangabdian atawa keur ngawula ka masyarakat.

“Abdi janten wali kota pikeun ngabdi sareng ngawula ka masyarakat. Sadayana kawijakan sareng léngkah anu baris dilakonan bakal dipuseurkeun pikeun kapentingan masyarakat Kota Sukabumi,” Wali Kota Sukabumi mungkas jejer. (Kang Warsa)


Dokumentasi  : Agus Rustiawandi

DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari
Dokumentasi Pimpinan
Dokumentasi Pimpinan Komunikasi dan Dokumentasi Pimpinan Pemerintah Kota Sukabumi merupakan bagian dari Sekretariat Daerah Kota Sukabumi.