Swara Perintis FM - 93.1 MHz - My City My Radio

Penjabat Sekda Kota Sukabumi Muka Calagara 'Peragaan Manasik Haji Para Pamilon Atikan TK'

Penjabat (Pj) Sekretaris Daerah Kota Sukabumi, Mohamad Hasan Asari, muka calagara "Peragaan Manasik Haji" pikeun pamilon TK sa-Kota Sukabumi taun 2025.

Calagara lumangsung di Taman Rékréasi Goalpara Tea Park kalawan diluuhan ku Pupuhu Bidang PAUD Dikmas, Pupuhu IGTKI-PGRI Kota Sukabumi jeung para pengurus, guru-guru TK, sarta para pamilon atikan anu ilubiung dina manasik haji.

Dina kecap pang bagéana, Hasan Asari negeskeun pentingna atikan jeung niléy agama miwah budaya dina mangsa globalisasi kawas kiwari. Dumasar kana kamandang Pj Sekda, urang kudu miboga paham anu kompréhénsif ngeunaan niléy-niléy agama jeung budaya. Ku cara kitu, urang bakal miboga saringan dina nyerep rupa-rupa paham jeung gaya hirup anu bisa mangaruhan masarakat.

"Abdi ngabagéakeun pisan kana calagara Peragaan Manasik Haji. Ku cara kieu, urang tiasa numuwuhkeun sikep welas para pmilon atikan ka Allah sareng Rasul-Na ti alit kénéh. Hal éta pisan anu tiasa janten cukang lantaran para pamilon atikan gaduh bénténg pikeun mayunan rupaning pangaruh kirang saé anu pasalia sareng niléy agama," ceuk Hasan Asari.

Saterusna, Hasan Asari nambahan, ku cara filosofis, ieu calagara miboga akibat alus kana tumuwuhna intéléktual, émosional, jeung spiritual para pamilon atikan. Tilu aspék ieu mangrupakeun modal penting dina ngawangun karakter keur nyitak sumber daya manusa anu hadé dina mangsa ka hareup.

Pamaréntah Kota Sukabumi, teges Hasan, bakal terus ngarojong jeung ngaaprésiasi sagala rupa calagara anu baris ningkatkeun kualitas kaagamaan masarakat. Hal ieu cocog jeung visi ngawujudkeun Kota Sukabumi anu bagja lahir batin.

"Konci pangwangunan nyaéta sumber daya manusa, salah sahijina dina widang atikan. Atikan sanés ngan saukur pikeun ningkatkeun kapinter sareng kaahlian, tapi ogé pikeun ngawangun karakter jalma ku lampah anu saé atanapi berakhlakul karimah," pokna.

Pj Sekda Kota Sukabumi ogé miharep sistem atikan anu leuwih hadé jeung kudu meunang pangrojong ti sakumna pihak, boh ti para guru, kurikulum, ogé masarakat. Ku kitu, bakal ngalahirkeun generasi anu miboga iman jeung siap nyanghareupan tangtangan jaman.

Calagara Peragaan Manasik Haji ieu jadi salah sahiji cara ngatik para pamilon atikan. Ieu ogé mangrupa tarékah ngawangun karakter jeung sikep disiplin barudak dina ngalakonan ajaran agama. **Kang Warsa

 
Dokumentasi  : Dede Soleh Saepul

DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari
Dokumentasi Pimpinan
Dokumentasi Pimpinan Komunikasi dan Dokumentasi Pimpinan Pemerintah Kota Sukabumi merupakan bagian dari Sekretariat Daerah Kota Sukabumi.