Wakil Wali Kota Sukabumi Hadir dina Upacara Bubuka Sakola Inspéktur Pulisi Angkatan ka 54

Wakil Wali Kota Sukabumi, Bobby Maulana, ngaluuhan calagara Upacara Bubuka Sakola Inspéktur Pulisi (SIP) Angkatan 54 Gelombang 1 Taun Anggaran 2025. Calagara ieu dilakonan di Lapang Soetadi Ronodipuro Setukpa, Kota Sukabumi, dina Kemis (6/3/2025). Aya 1.800 pamilon SIP sarta diluuhan ku sababaraha gegedén Polri jeung wawakil instansi lianna.

Prof. dr. Komjén Pol Chrysnanda jadi inspektur upacara. Dina upacara ieu, hadir ogé Kapolrés Sukabumi Kota, wawakil Dandim 0607, Wakapemdiklat Polri Irjén. Pol. Dr. Eko Budi, jeung para wawakil ti rupa-rupa instansi.

Dina kecap pangbagéana, Prof. dr. Chrysnanda negeskeun yén upacara ieu mangrupa léngkah munggaran pikeun ngawujudkeun transformasi pamilon anyar di Sakola Calon Perwira (Secapa) Lemdiklat Polri.

"Salaku calon pamingpin dina mangsa nu baris dongkap, hal anu penting salah sawiosna para pamilon kedah ngartos yén pangkat sanés saukur jabatan, tapi kedah ngabuktos dina paripolah kalayan diluluguan ku intégritas, moralitas, sareng profésionalisme," pokna.

Salila lima bulan ka hareup, para pamilon atikan bakal dibekalan ku kamotékaran téknis kapulisan jeung pangaweruh dina widang kapamingpinan, sikep disiplin, jeung literasi. Tujuanana nyaéta ngalahirkeun perwira nu hadé dina ngalakonan pancén, profésional dina sikep, sarta kréatif jeung produktif dina pamikiran.

Calagara ieu ogé dijadikeun ugeran pikeun ngawangun motivasi (kakeyeng) jeung kasadaran tanggung jawab para pamilon atikan. Tiap paripolah anu dilakonan ku para pamilon atikan bakal mangaruhan dina ngawangun karakter salaku bahagéan tina "program unggulan Kampus Integritas" — hiji kampus modérn nu ngarojong transformasi Polri.

"Salaku bahagéan kulawargi Polri, hayu urang tebihan rupaning sikep rasis sareng diskriminatif. Sawangsulna, hayu urang wangun tatali wargi anu raket salaku anggahota kulawarga. Margi, Polri aya pikeun bangsa sareng nagara, sarta pikeun ngalayanan sareng ngajagi masyarakat," tambah Chrysnanda.

Anapon Wakil Wali Kota Sukabumi, Bobby Maulana, nepikeun harepanana sangkan Kota Sukabumi dina mangsa nu bakal datang bisa ngawujud jadi kota nu tuhu kana aturan jeung hukum.

"Sing saha baé nu aya di Kota Sukabumi, kalebet Wali Kota sareng Wakil Wali Kota ngagaduhan tanggel waler pikeun mintokeun paripolah anu saé ka masyarakat ," ceuk Bobby.

Bobby Maulana ogé negeskeun pentingna ngajaga sikep sauyunan sarta kudu bener-bener ngaladénan masyarakat kalayan hadé.

"Sakumaha anu didugikeun ku Presiden, urang kedah ngajagi kakompakan sareng sauyunan, ngaladénan masyarakat, sarta jadi jalmi nu tiasa diconto sareng ditiru ku balaréa. Abdi sareng Pak Wali Kota tangtos baé siap kanggo ngalakonan pancén, didamel sasarengan dina raraga nata Kota Sukabumi kanggo Indonésia," pokna.

Upacara bubuka ieu jadi cirén dimimitianna atikan anyar pikeun calon perwira Polri. Malah mandar, ku ieu calagara baris ngalahirkeun para pamingpin nu miboga intégritas jeung profésionalisme dina mangsa nu bakal datang.(Kang Warsa)


Dokumentasi   : Ihsan

DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari
Dokumentasi Pimpinan
Dokumentasi Pimpinan Komunikasi dan Dokumentasi Pimpinan Pemerintah Kota Sukabumi merupakan bagian dari Sekretariat Daerah Kota Sukabumi.