Puasa di Lembur: Tadarusan




Ampir unggal peuting -malah aya anu nepi ka jam 11- para jamaah ngalakonan tadarusan di masigit réngsé sholat tarawéh.Kiwari kacida béda jeung taun 80-an. Harita mah tadarusan ogé bisa nepi ka dua riungan di tiap masigit téh. Riungan kahiji dieusi ku kolot, riungan kadua mah ku para nonoman.

Ngaderes atawa ngaji Quran silih bandungan, aya éta ogé anu ngadon nundutan, ngan nalika giliran dirina anu kudu maca ngadadak curinghak. Sapeuting téh bisa ngahanca ngaji Qur’an nepi ka dua juz, jadi dina peuting ka-15 bulan puasa ogé geus hatam.

Kiwari mah teu kawas taun 80-an, tadarusan di tiap lembur lolobana geus kurang dipikameumeut deui ku para nonoman, ku anu geus sawawa ogé nya kitu baé. Tadarus leuwih loba dilakonan ku para "remako", ceuk basa kerénna mah para kontéstan anu kuat jeung teu pati kapangaruhan ku kaayaan ayeuna.

Ngan bisa baé, meureun pangna para nonoman téh teu ngilu tadarusan di masigit kusabab ngaraji di imahna séwang-séwangan, meureun kitu ogé. Kiwari, sanggeus gadgét jeung rupaning produk bisa dipimilik kalawan gampang, loba masarakat anu teu percaya deui kana hal anu disebut nir-réalita. Ceuk ahli sosial mah ayeuna téh disebut mangsa post truth.

Kuring mindeng méré papatah ka para pamilon atikan, lamun hayang jadi budak cengeng, calakan, jeung pinter, unggal réngsé solat subuh baca Surat As-sajdah. Kusabab jaman geus asup éra post-truth téa, papatah kitu téh disebut nir-réalita.

Sawaréhna mémang keur disibukkeun ku pasualan pulitik, teuing ngungudag naon, ceuk itu curang, ceuk ieu embung narimakeun takdir jeung kanyataan. Anu diparebutkeun sabenerna mah paisan kosong, euweuh eusian.

Antukna mah, lolobana jalma lain teu percaya deui kana hal anu disebut nir-réalita, kana réalitas jeung kanyataan hirup anu sabenerna ogé geus teu percaya. Ongkoh bulan puasa, tapi loba nu teu nyirikeun lamun diri urang keur aya dina bulan anu suci.

Tadarusan mangrupa ubar, nalika jalma jaman kiwari geruh ku pasualan politik, pilprés, jeung pileg. Sabab ku tadarusan urang bakal nempatkeun diri salaku jalma anu teu pati penting teuing mikiran itu ieu anu euweuh faédahna.

Jadikeun bulan puasa mangrupa hiji bulan keur niiskeun diri, nyadarkeun diri, anu ahirna urang bakal éling, hirup tingtrim jeung tumaninah leuwih ngeunah tibatan kudu paraséa, silih rewég, perang, jrrd.


Katerangan Gambar:
Tadarusan (Sumber: Tempo.Co)
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Tadarusan"