Puasa di Lembur: Nuzulul Qur'an




Dina taun 80-an mah calagara miéling diturunkeunna al-Quran jarang dilakonan ku masarakat di lembur-lembur. Calagara miéling diturunkeunna al-Qu’an ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW dilakonan langsung ku Pamaréntah Pusat, saterusna dipintonkeun dina TVRI sangkan dilalajoan ku masarakat anu geus barogaeun TV. Tah dina taun 90-an mah, calagara Nuzulul Quran saterusna direlay ku sababaraha stasiun TV anyar.

Di wewengkon lembur nepi ka tingkat Pamaréntah Daérah ogé asa jarang nyalagarakeun Nuzulul Quran kusabab system pamaréntahan harita mémang masih séntralisasi, hartina daérah-daérah teu bisa nyieun calagara lamun henteu didasaran ku aturan di Pamaréntah Pusat, arék pasualan tata pamaréntahan nepi ka pasualan-pasualan séjénna anu aya hubunganna jeung pasualan kahirupan.

Tangtu baé béda jeung mangsa réformasi, tug nepi ka ayeuna, calaga-calagara kaagamaan, ti mimiti Tarhib, Tarling, Nuzulul Quran, Zakat Fitrah, Buka Bersama, jrrd geus lain hal anéh dilakonan ku masarakat jeung pamaréntah. Ampir tiap taun, saminggu nepi ka tilu poé saméméh asup bulan puasa, di puseur kota biasa diayakeun calagara Tarhib jeung Pawéy dina raraga mapag bulan puasa. Kitu deui di masarakat, malahan aya anu ngajaha ngarak sabari marawa colén atawa obor.

Kanyataan di luhur mangrupa ciri yén pamaréntah bener-bener merhatikeun kana pasualan-pasualan anu aya gantar kakaitan jeung ageman hirup masarakatna. Masarakat dibéré kalaluasaan sangkan jembar dina mraktékkeun kayakinan hirup anu saluyu jeung dirina salila henteu patukang-tonggong jeung dasar kahirupan salaku warga nagara.

Tilu poé ka tukang, Pamaréntah Kota Sukabumi nyalagarakeun Nuzulul Quran di Masjid Agung. Wakil Wali Kota Sukabumi ngajak ka masarakat sangkan bener-bener ngamalkeun pesen-pesen anu ditétélakeun dina kitab suci al-Quran. Salah sahiji eusi anu aya dina Quran nyaéta sikep tasammuh atawa toléransi umat Islam ka masarakat anu ngagem kayakinan séjén.

Dumasar kana sajarah kahirupan di Kota Sukabumi, kuring boga kayakinan, sikep toléransi masarakat Sukabumi anu ngagem Islam ka masarakat séjén lain hal anu anyar. Sikep ieu geus ditémbongkeun ku masarakat salah sahiji conto anu nyata: hirup masarakat sauyunan.


Katerang Gambar:
Wakil Wali Kota Sukabumi jeung sababaraha inohong Kota Sukabumi.
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur: Nuzulul Qur'an"