Pj. Wali Kota Sukabumi: Calagara FTBI Tingkat Kota Sukabumi Tarékah Ngamumulé Basa jeung Budaya Sunda

Calagara Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) Tingkat Kota Sukabumi dibuka ku Penjabat Wali Kota Sukabumi, Kusmana Hartadji dina Senén, 30 Séptember 2024 di SMP Negeri 6 Kota Sukabumi.

Calagara FTBI diluuhan ku Kepala Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kota Sukabumi, para pupuhu Sakola Dasar (SD) jeung SMP, para pamilon, sarta girang pangajén calagara.

“FTBI mangrupa calagara positif. Hal ieu miboga maksud keur nyalurkeun minat, bakat, kréasi, jeung prestasi para pamilon atikan dina raraga ngamumulé basa jeung budaya daérah di Indonésia,” Kusmana Hartadji ngébréhkeun kamandangna.

Ku ayana ieu calagara, para pamilin atikan SD jeung SMP di Kota Sukabumi bisa némbongkeun sumanget mikareueus kana basa jeung budayana.

Pj. Wali Kota Sukabumi ngarasa bagja, ku ayana calagara FTBI baris ngarojong kamajuan siswa utamana anu aya patula-ptalina jeung préstrasi para pamilon atikan, boh dina akademik og’e non-akademik. FTBI disebutkeun ku Kusmana Hartadji mangrupa tradisi alus anu sakuduna ditépakeun (diéstafétkeun) unggal taun.

Maksud utamana, sangkan masyrakat Sunda bisa ngeunteung atawa ngaréfléksikeun diri jeung ngariksa diri kalayan ngahijikeun mangsa bihari jeung kiwari. Udaganna, keur proyéksi kana mangsa ka hareup.

“Ku kituna, urang kudu terus ngaronjatkeun kualitas dunya atikan ti mangsa ka mangsa sangkan leuwih pinunjul. Sim kuring nganuhunkeun ka para girang pangajén anu parantos ilibiung dina ieu calagara. Ku kituna wilujeng mancén,” tandesna.

Calagara FTBI mangrupa tarékah keur nangtukeun para pinunjul anu baris makalangan di tingkat Provinsi. Penjabat Wali Kota Sukabumi miharep para pamilon némbongkeun kaparigelanna jeung numuwuhkeun sikep positif salila tandang makalangan.

“Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak-pihak anu parantos ngarojong sareng ngadeudeul ieu calagara. Sakali deui, ieu mangrupa tarékah urang dina ngahontal tujuan jeung naon anu dipiharep ku para karuhun Sunda dina ngawangun kahirupan jeung papada ogé jeung lingkungan. Antukna bakal ngamuara jeung baris ngawujudkeun kabagjaan lahir jeung batin,” tutup Kusmana Hartadji.

Pewarta          : Ovie 
Dokumentasi  : Dede Soleh Saepul

DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari
Dokumentasi Pimpinan
Dokumentasi Pimpinan Komunikasi dan Dokumentasi Pimpinan Pemerintah Kota Sukabumi merupakan bagian dari Sekretariat Daerah Kota Sukabumi.