Dina Kemis, 13 Maret 2025, Ketua TP-PKK Kota Sukabumi, Ranty Rachmatilah Zaki miwah Wakil Ketua TP-PKK, Kia Florita, ngaluuhan pengajian anu diayakeun ku Badan Koordinasi Majlis Ta'lim jeung Masjid (BKMM) Kecamatan Cibeureum.
Calagara anu dilaksanakeun di Masjid Jami Al-Amin, Kelurahan Limusnunggal, ieu dihadiran ku jamaah pengajian ibu-ibu ti rupaning majelis ta’lim anu aya di Kecamatan Cibeureum.
Dina pangbagéana, Ranty Rachmatilah Zaki negeskeun yén bulan Romadon téh mangrupa waktu anu pinuh ku kabarokahan, jadi moméntum pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti Allah.
Salah sahiji tarékah sangkan leuwih deukeut ka Gusti Alloh nyaéta ku soson-soson dina nyiar élmu pangaweruh, sabab pangarti téh mangrupa konci sangkan hirup leuwih hadé, leuwih wijaksana, sarta leuwih mangpaat ka sasama.
"Milarian elmu téh kawajiban kanggo tiap Muslim. Ku élmu, urang tiasa nyorang kahirupan kalayan langkung saé, langkung wijaksana, sareng langkung mangpaat kanggo sasama. Abdi masihan aprésiasi kana pangaosan ieu, kumargi tos janten tempat kanggo urang sadayana dina nyuprih sareng ningkatkeun ketakwaan," pok Ranty.
Ranty ogé ngingetan yén Romadon mangrupa bulan anu cocog pikeun ngabebenah diri, ngalakonan kabiasaan anu alus, jeung ningkatkeun katakwaan.
Ketua TP-PKK Kota Sukabumi ngajak ka sakabéh jamaah sangkan ngalobakeun syukur, ulah sok mindeng ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Dina bulan puasa mah leuwih alus dieusi ku ningkatkeun amal sosial, samodél babagi ka sasama.
"Rejeki téh sanés saukur artos, kelebet kaséhatan, katuangan anu dituang, sareng raksukan anu ayeuna nuju dianggo. Saum ngatik, sangkan urang langkung tiasa nganuhunkeun kana rejeki anu katampi ku sikep syukur sareng ningkatkeun kesaléhan sosial. Sanaos saalit, maparin katuangan ka sasama dina waktosna buka mangrupi ibadah anu bakal nyandak kana kabarokahan," tandesna.
Anapon Kia Florita negeskeun pentingna ngaraketkeun silaturahmi jeung ngatik barudak. Kia miharep kaum ibu anu hadir bisa jadi conto dina ngajaga hubungan nu alus jeung tatangga sarta kudu bisangawangun lingkungan anu harmonis.
Salaku Wakil Ketua TP-PKK anu ngaluluguan Pokja 1, Kia miboga harepan sangkan barudak di Kota Sukabumi leuwih deukeut kana Al-Qur’an.
"Abdi sareng Bu Wali badé nyiapkeun para murangkalih sangkan dina sataun tiasa khatam Al-Qur’an. Udagannana, kedah seueur murangkalih anu tiasa janten wawakil Kota Sukabumi dina sagala rupi cabang MTQ. Dina lima taun ka payun, hayu urang sasarengan ngaronjatkeun atikan dina widang agama, utamina dina ngawangun karakter sareng adab murangkalih," jelasna.
Dina panutup calagara, Kia Florita umajak ka sakumna jamaah pikeun terus ngaraketkeun silaturahmi jeung ngajadikeun bukan Romadon keur ningkatkeun kualitas diri sangkan leuwih hadé.(Kang Warsa)

DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari