Dina Kemis, 20 Maret 2025, Wali Kota Sukabumi, H. Ayep Zaki jeung Wakil Wali Kota Bobby Maulana medalkeun hiji program anu miboga tujuan keur nata lingkungan sangkan wewengkon kota leuwih beresih jeung merenah. Program anu dieusi ku sababaraha komunitas anu mika reueus kana lingkungan ieu dibéré ngaran Restoe Beomi.
DIna calagara munggaran dipedalkeunna ieu program, Wali Kota Sukabumi dibarengan ku Wakil Wali Kota mingpin komunitas jeung aparatur pamaréntahan ku calagara ngaberesihkeun wahangan anu aya di Kelurahan Subangja. Ha ieu ogé dilakonan ku sakumna masyarakat anu aya di tujuh kecamatan dina poé ieu pisan.
Restoe Boemi bisa disebut mangrupakeun salah sahij program utama Wali Kota jeung Wakil Wali Kota Sukabumi periode 2025-2030. Program ieu miboga maksud ngajak jeung nyadarkeun masyarakat sangkan leuwih paduli kana pasualan anu keur disanghareupan, salah sahijina dina widang lingkungan.
Hal ieu dikedalkeun ku H. Ayep Zaki anu nyebutkeun yén Restoe Boemi mangrupa tarékah awal keur ngawangun lingkungan anu beresih di Kota Sukabumi.
"Runtah anu ngotoran lingkungan kedah diberesihkeun. Kumargi antawis ati sanubari, émutan, sareng lingkungan kedah beresih," pokna. Wali Kota Sukabumi ogé negeskeun pentingna ngawangun kasadaran masyarakat sangkan teu miceun runtah sagawayah.
Dina mangsa anu bakal datang, Pamaréntah Kota Sukabumi baris ngayakeun patroli ka tiap wewengkon anu dipinuhan ku runtah. Malahan dina tiap poé Jumaah bakal diayaakeun deui gerakan Jumaah Beresih (Jumsih).
H. Ayep Zaki ngajak ka sakumna warga kota sangkan bener-bener ngarojong jeung turun langsung ngaberesihan lingkungan. Iwal ti éta, masyarakat teu dipiharep miceun runtah sagawayah.
"Hal ieu kalintang penting pisan, kumargi Kota Sukabumi badé dijantenkeun "Kota Bercahaya", bersih, cerdas, sareng sejahtera," tambahna.
Wali Kota miboga harepan jeung sawangan, dina sababaraha taun ka hareup, pangwangunan di Kota Sukabumi bakal katénjo hasilna. Aya maksud, dina tanggal 1 April 2029, Kota Sukabumi baris ngadéklarasikeun diri minangka "kota bercayaha".
Dina calagara éta ogé, Wakil Wali Kota Bobby Maulana ngajéntrékeun yén calagara ngageresihan lingkungan dilakonan ku sakumna unsur masyarakat anu boga rasa paduli kana lingkungan. Sabaraha komunitas, unsur masyarakat, jeung aparatur pamaréntahan paantay-antay tangan ngawangun sinérgitas ngaberesihan lingkungan.
"Sadayana sasarengan ngaberesihan Kota Sukabumi di tujuh kecamatan," pokna. Bobby ogé nétélakeun yén pamaréntah daérah bakal terus ngawal gerakan ieu nepi ka poénan lebaran.
"Pemkot parantos ngadamel master-plan sangkan tipa tujuan anu dipikahoyong tiasa kahontal," pokna deui.
Ku ayana Program Restoe Boemi, Kota Sukabumi boga harepan anu gedé sangkan ngawujud jadi kota anu beresih, éndah, jeung pikabetaheun. Ieu harepan bisa ngabukti lamun meunang pangrojong ti sakumna masyarakat. (Kang Warsa)

Dokumentasi : Agus Rustiawandi
DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari