Dina Kemis, 27 Maret 2025 – Wali Kota Sukabumi, H. Ayep Zaki, rancagé jeung unsur Forum Koordinasi Pimpinan Daérah (Forkopimda), mingpin Apél dina raraga tatahar ngabentuk “Satuan Tugas (Satgas) Pemberantasan Premanisme” di Lapang Apél Sekrétariat Daérah (Setda) Kota Sukabumi. Calagara ieu diluuhan ku Penjabat Sekrétaris Daérah, Asisten Daérah, Staf Ahli, Kapala SKPD, ogé para Camat jeung Lurah di lingkungan Pamaréntah Kota Sukabumi.
Dina peupeujeuhna, H. Ayep Zaki negeskeun yén apél dilakonan keur ngaréalisasikeun Serat Kaputusan Gubernur Jawa Barat Nomor 300/Kep.160-Bakesbangpol/2025 ngeunaan Satuan Tugas Pemberantasan Prémanisme Jawa Barat.
Kaputusan ieu nekenkeun perluna tarékah anu teges keur nyegah jeung numpurludeskeun rupaning prémanisme, kaasup malak, pungli, nyingsieunan, jeung gangguan séjénna anu bisa nimbulkeun pacogrégan nepi ka ngaganggu ékosistem invéstasi di Jawa Barat, khususna di Kota Sukabumi.
"Sagala rupi paripolah prémanisme anu ngaganggu invéstasi, kaamanan, sareng katartiban masyarakat teu tiasa diantep kitu baé. Ku margi kitu, Kota Sukabumi kacida ngarojong kana ieu régulasi ku nyayogikeun Satgas Pemberantasan Prémanisme minangka léngkah kongkrit kanggo nyiptakeun kondusifitas ieu wewengkon," tandes Wali Kota.
Ti sagigireun éta, H. Ayep Zaki ogé dina pangbagéana negeskeun pentingna koordinasi jeung sikep soson-soson ti sakabéh pihak supaya dina numpurludeskeun prémanisme leuwih optimal.
Satgas ieu miboga tilu pancén: nyegah, nindak, jeung ngaréhabilitasi, anu bakal dilakonan kalawan profésional jeung mintonkeun tanggung jawab ka Pamaréntah Kota Sukabumi, babarengan jeung instansi séjénna.
Dina panutup catur, Wali Kota Sukabumi umajak ka sakabéh anasir masyarakat sangkan ilubiung nyiptakeun Kota Sukabumi anu kondusif, aman, jeung bébas tina sagala rupa prémanisme.
"Hayu urang sasarengan ngawujudkeun Kota Sukabumi anu aman tur tingtrim. Kanggo Sukabumi urang, kanggo masarakat urang!" pokna, negeskeun yén Pamaréntah Kota Sukabumi bener-bener boga tarékah sangkan Kota Sukabumi ngawujud jadi wewengkon anu pikabetaheun dicicingan ku wargana.(Kang Warsa)

Dokumentasi : Dede Soleh Saepul
DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari