Rapat diluuhan ku para inohong di antarana; Wali Kota Sukabumi H. Ayep Zaki, Wakil Wali Kota Bobby Maulana, Sekda Kota Sukabumi, Pupuhu PKK Kota Sukabumi, para wali kota jeung wakil wali kota mangsa 1998-2023, sarta para inohong kota.
Pamaréntah Provinsi Jawa Barat diwakilan ku Sekda Provinsi Jawa Barat, Hérman Suryatman, jalaran Gubernur Jawa Barat Kang Dédi Mulyadi ngaluuhan acara di Jakarta.
DPRD Kota Sukabumi, salaku panata calagara muka rapat ku pangbagéa ti Pupuhu DPRD, Wawan Juanda. Saterusna dibacakeun sajarah singket Kota Sukabumi ku Mojang jeung Jajaka Kota Sukabumi.
“Awal ngaran "SOEKA-BOEMI" kawéntar ka luar Sukabumi tanggal 13 Januari 1815 ku administratur perkebunan anu ngaranna Andries Chistoffel Johannes de Wilde, urang Walanda anu bubuara di Sukabumi, néangan taneuh anu cocog keur perkebunan,” ceuk Mojang Jajaka muka catur.
Tuluy dijéntrékeun, dina laporan panitenna, Andries Chistoffel Johannes de Wilde nuliskeun ngaran Soeka Boemi (dina dua kecap) salaku tempat ngendongna di Tji Collé.
Saterusna disebutkeun, yén Kotapraja Sukabumi diadegkeun dina mangsa Hindia Belanda dina 1 April 1914. Ti saprak éta, sababaraha widang mimiti katénjo robah dina kahirupan nepi ka ieu wewengkon ngawujud jadi Kota Sukabumi sagemblengna dina mangsa kiwari.
Ku sajarah singket ieu, aya hal anu bisa disuprih nyaéta urang Kota Sukabumi kudu bisa neuleuman jeung nyokot saripati tina sajarah anu dibacakeun ku Mojang Jajaka dina ieu rapat paripurna.
Wawakil inohong masyarakat, H.M Muraz nepikeun kamandang jeung harepan masyarakat kumaha sakuduna Kota Sukabumi dikokolakeun. Sok sanajan Kota Sukabumi miboga poténsi, wali kota mangsa 2013-2018 miharep poténsi anu aya kudu terus dironjatkeun.
Saterusna, dina biantarana, Wali Kota Sukabumi H. Ayep Zaki nétélakeun keur ngawujudkeun pangwangunan Kota Sukabumi diperlukeun gawé rancagé ti sakumna aktor pangwangunan.
“Ku kituna, sim kuring ngajak ka sakumna unsur, hayu urang meruhkeun jeung museurkeun sagala poténsi jeung kamotékaran anu aya boh ti ais pangampih partéy poitik, para inohong, ogé organisasi kamasyarakatan keur ngawangun Kota Sukabumi,” tambahna.
H. Ayep Zaki ogé nandeskeun APBD Kota Sukabumi tahun 2025 aya dina angka Rp 1,175 Triliun. Pangrojong ti Pamaréntah Pusat dina ngaréalisasikeun “Dana Kurang Salur” kacida dipiharep ku pamaréntah daérah keur ngawujudkeun rupaning program pangwangunan.
“Pangwangunan kota teu bisa dilakonan ku waktu anu samporét, tapi merlukeun sikep rempug jukung sauyunan, paheuyeuk-heuyeuk leungeun jeung paantay-antay tangan, sangkan harepan masyarakat bisa ngawujud sagemblengna,” tandesna.
Wali Kota nambahkeun, dina widang kaséhatan, RSUD R. Syamsudin, S.H geus miboga sababaraha layanan di antarana; stem cell, kémotérapi, bedah mulut, jeung réhabilitasi jantung. Harepannana, ku ayana sababaraha layanan, baris ngaronjatkeun PAD Kota Sukabumi.
Nandeskeun biantarana, H. Ayep Zaki ngajak ka sakumna anu hadir sangkan ngaheulakeun sikep sauyunan sok sanajan dina kahirupan yén sagalana mémang béda atawa hétérogén boh dina pikiran ogé kamandang.
“Hayu urang silih geuing jeung nénjokeun sikep silih asah-asih-asuh,” pungkasna.
Sekrétaris Daérah Jawa Barat, Hérman Suryatman ngajak kanu hadir sangkan “Hari Jadi Kota Sukabumi” dijadikeun eunteung dina sajeroning ngawangun Kota Sukabumi.
“Aya tilu diménsi, kahiji mangsa ka tukang anu geus kaalaman. Kadua mangsa anu keur disorang, jeung katilu, mangsa anu bakal datang. Tilu hal ieu kudu jadi tatapakan pikeun Kota Sukabumi dina ngaraharjakeun masyarakat,” ceuk Herman tandes.
Sekda mertélakeun, Jawa Barat ngan saukur agrégat, hartina ngawujudkan Jabar Istiméwa gumantung atau ditangtukeun ku daérah anu istiméwa salah sahijina Kota Sukabumi.
“Dina digawé, ngaheuyeuk dayeuh jeung ngolah kota kudu pok torolong, pok-pék-prak,” tambahna.
Milangkala ka 112 Kota Sukabumi miboga harti penting keur ieu kota dina nyorang mangsa anu baris kasorang. Ngawujudkeun karaharjaan masyarakat dina sumanget reugreug pageur répéh rapih jadi pancén penting anu kudu dilakonan ku masyarakat.
| Ku | : Kang Warsa |
| Dokumentasi | : Agus R |
DOKPIM KOTA SUKABUMI |
|
| Pranata Kehumasan | : Ross Pristianasari |





Posting Komentar
Silakan kirim saran dan komentar anda