Pasir Galatik



Teu loba carita katarima ku kuring ngeunaan tempat anu dibéré ngaran Pasir Galatik. Kasang tukang atawa toponimina mah, nurutkeun carita ti sababaraha kolot anu kungsi diajak ngawangkong kusabab di éta pasir (tempat luhur) dina waktu anu tangtu sok kadéngé bacéona manuk galatik .

Pernahna ieu tempat wétaneun Kampung Lio, Lio Santa, jeung kuloneun Lamping masih sawewengkon jeung kuburan Kerkhoff. Handapeun Pasir Galatik ngocor cai panas, nepi ka ayeuna disebut Santa.

Carita ahéng ngeunaan Pasir Galatik dumasar kana wangkongan antara kuring jeung kolot-kolot di lembur. Dina taun 70-80an, Santa anu harita mangrupa salah sahiji déstinasi wisata mindeng dipaké tempat pasanggiri manuk tikukur jeung titiran. Tangtu baé anu disebut pasanggiri manuk dipeunteun ku mindengna bacéo bari halimpu sora manuk anu dipiboga ku para pamilon.

Kajadian anéh lumangsung, ampir dua jam ti mimiti pasanggiri dibuka euweuh hiji ogé manuk tikukur jeung titiran anu disada. Jep baé jempé, ceuk carita mah kalandih ku sora jeung ngelikna sora manuk galatik ti pasir landeuheun tempat pasanggiri. Para pamilon tangtu baé ambek, tuluy ngaromong: Manuk Sétan! Manuk Jurig!.

Salian ti éta kajadian, sebutan keur ieu tempat tangtu baé kusabab di ieu tempat kungsi jadi habitat atawa tempat hirup manuk galatik. Kusabab wewengkon Sukabumi pernahna beulah kidul Pulo Jawa, manuk galatik anu mideng bacéo di ieu tempat mangrupa manuk jinis Galatik Jawa jeung Galatik Batu. Miboga ciri has, sora halimpu ngan tarik disadana.

Di sagigireun éta, manuk galatik sok sanajan katénjona campernik tapi mangrupa manuk anu kawilang barangasan. Pamatuk méncos bari seukeut biasa digunakeun maténi manuk anu leuwih leutik keur dahareunna. Para ahli aya anu nyebut, manuk galatik lamun kudu dibandingkeun teu jauh béda jeung velociraptor nalika Dinosaurus jadi pangawasa di ieu bumi 200 juta taun anu geus kaliwat.

Saméméh ieu wewengkon ramé ku imah jeung beuki nambahna pangeusi lembur, teu sagawayah jalma kumawani ulin komo ngulampreng ka ieu tempat dina wanci harieum beungeut. Anu aki pituin kungsi ngadongéngkeun, dina wanci sareureuh budak kapaksa ngaliwat ka éta tempat waktu balik ti Gedong Panjang. Cenah mah dipegat ku saurang jalma, ngahiapkeun reureuh di tepas nepi ka kasaréan. Anu jadi aki hudang wanci janari leutik, gigisik, imah anu peuting tadi dipaké reureuh téh geuning mangrupa kuburan anu kacida badag.

Carita henteu nepi ka semet dinya wungkul. Di éta tempat kungsi aya kajadian, Kang Ade (alm) urang Lio Santa kakubur hirup-hirup dina lomang, kusabab taneuh anu aya luhureun lomang ngadadak urug. Ceuk masarakat mah, ngagali taneuh di Pasir Galatik bari henteu bébéja atawa amitan hela kanu ngageugeuh éta tempat.

Lain Pasir Galatik wungkul, tempat-tempat teu jauh jeung Pasir Galatik miboga carita anu sarua, ngeunaan dedemit, jurig, jeung ririwa. Di Santa, kungsi aya kadian budak tilelep di hiji kulah, padahal jangkung éta budak ngaleuwihan jerona kulah, semet dada. Budak, ceuk carita ti babaturanna, ngadadak roroésan, tungtungna tilelep.

Cariti mistis di luhur mangrupa sakéréhél carita tina carita séjénna anu can kungsi kasungsi. Dina seratan saméméhna geus diguar, lobana carita mistis di masarakat Sunda lain harti masarakat tradisional minuhan diri jeung kahirupanna ku carita werejit, jurig, jeung sabangsana tapi boga maksud anu tangtu. Tetekon kahirupan silih ajénan jeung saha baé malahan jeung mahluk anu aya sahandapeun manusa ogé kudu silih ajénan. Sikep ieu henteu leupas tina ajaran anu geus diwariskeun ku karuhun-karuhun di Tatar Pasundan: welas asih.

Nyingseunan ku ayana manuk jurig anu ngageugeuh hiji tempat boga maksud sangkan jalma henteu ngaropéa komo nepi ka ningker manuk nepi ka jadi sato anu jarang jeung saeutik jumlahna. Kudu diaku, manuk galatik mangrupa sato anu bisa disebut jarang tina itungan dibandingkeun jeung manuk piit.

Hal séjénna, hiji tempat bakal dipinuhan ku sato-sato langka lamun éta tempat bener-bener ngarojong kana kahirupan sato. Ku dibukbakna tempat anu dipinuhan tatangkalan jadi padumukan jeung tempat kariaan geus pasti moal ngarojong kana kahirupan sato. Jalma diciptakeun tuluy ditempatkeun di ieu bumi salah sahijina boga pancén ngajagaan mahluk-mahluk séjénna, sok sanajan buktina mah leuwih loba nempatkeun diri salaku pangwasa anu sarahak, ngaruksak ieu alam, jauh tina sikep welas asih ka papada mahluk.

Kiwari, Pasir Galatik ngan saukur hiji pasir anu masih ngajegir di wewengkon Lio, Lamping, jeung Santa. Carita mistis anu jadi alesan ieu tempat disebut Pasir Galatik geus jarang didongéngkeun deui saheuleut jeung leungitna manuk galatik anu nyicingan éta tempat.



Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

2 komentar untuk "Pasir Galatik"

  1. Pasir galatik ! Apa itu tanah pemerintah ?
    Semenjak tidak ada pengurus ! Lingkunganya tak terawat .

    BalasHapus
  2. Leres wa.....kapungkur di taun 80 an mah masih seueur manuk galatik di kerkof, abdi sering Ameng sareng pun bapak, Aya oge Carita pun uwa di taun 90 an kantos Ngalaman hiji hal anu aneh, pasosore wanci surup panon poe punuwa ngalangkungan eta tempat anu Ayeuna di sebar jl Pramuka, nalika lebah Polsek Citamiang ayeuna Jol Aya kbut teu lami Aya pasukan kuda ngagiringbkuda kancana.......Tah eta hiji pangalaman pun uwa anu katis dicaritakeun ka SIM kuring

    BalasHapus

Silakan kirim saran dan komentar anda