Bonus bisa dihartikeun kauntungan tambahan. Dina kahirupan masyarakat, urang tangtu kungsi ngadéngé aya jalma anu ngomong: “Asik euy, meunang bonus ti tempat gawé”.
Tilu taun ieu, keur meujeuhna trén istilah bonus démografi diwacanakeun boh dina wangkongan sapopoé, ogé dina iber jeung wacana média.
Bonus démografi bisa ditafsirkeun hiji kauntungan keur ieu nagara kusabab jumlah padumuk umur produktif aya dina piramida tengah kalayan pohara dina jumlah. Ceuk sakaol, kaayaan modél kieu bisa nguntungkeun hiji nagara, kusabab padumuk umur produktif (15-65 taun) antara taun 2030 nepi ka 2040 bakal bisa nyumponan pangabutuh padumuk umur non-produktif.
Dumasar kana hasil sénsus penduduk (SP 2020), dina mangsa kiwari, generasi Z jeung milenial mangrupa kelompok umur anu ngadominasi lamun dibandingkeun jeung jumlah generasi saméméhna.
Ku lobana jumlah generasi Z jeung milenial miboga harti dina sapuluh nepi ka dua puluh taun ka hareup, ieu nagara bakal dipinuhan ku jalma anu masih seger, siap makalangan hirup, jeung masih miboga sumanget.
Ilustrasi generasi milenial
Iwal ti éta, sok sanajan loba dina jumlah atawa kuantitas, ihtiar keur ngamangpaatkeun bonus démografi éta teu bisa optimal kitu baé. Angka jalma anu nganggur di ieu nagara ogé beuki ningkat.
Malahan, kusabab ayana pandémi korona, anu baris lumangsung sataun ieu, ceuk sababaraha hasil panalungtikan geus mawa balukar kana beuki nambahna padumuk anu hirup di handap garis kamiskinan.
Pamaréntah kudu nyieun tarékah satékah polah keur nyiapkeun generasi Z jeung milenial anu miboga kualitas, ku sababaraha cara, bisa ku ngaronjatkeun widang atikan, kaséhatan, jeung nyiapkeun pagawéan. Tarékah anu dilakonan tangtu baé sagulung-sagalang jeung cara ningkatkeun ékonomi sangkan kurva jumlah padumuk miskin turun .
Nyiapkeun generasi milenial anu miboga kualitas hadé sarua jeung nyiapkeun sumber daya manusa (SDM) keur nyanghareupan mangsa ka hareup. Harepanna, antara sumber daya manusa (SDM) anu miboga kualitas bakal saheuleut jeung beuki ningkatna kasejahteraan hirup. Nya, tungtungna mah, tingkat perékonomian ogé bakal tumuwuh.
Sabaliknya, lamun bonus démografi ieu henteu disiapkeun jeung dimangpaatkeun bakal ngabalukarkeun hal anu teu dipikahayang. Jumlah jalma anu nganggur bakal beuki nambah. Generasi milenial anu sakuduna jadi poténsi jeung hadiah malah ngawujud jadi pangbeubeurat ka ieu nagara. Padahal, bonus démografi mangrupa hiji peluang anu jarang kaalaman ku nagara mana baé ogé.
Sababaraha ahli sosial nyebutkeun, pandemi korona bisa ngancam kana bonus démografi ieu nagara. Balukar pandemi ampir kana kabéh widang kahirupan, salah sahijina ékonomi. Sababaraha perusahaan kapaksa kudu méhaka (ngeureunkeun karyawan) ku alesan keur motong biaya atawa waragad operasional perusahaan. Dikumaha-kumaha ogé moal aya perusahaan anu hayang rugi kusabab beuki héséna ngaronjatkeun perékonomian.
Waragad anu geus dikaluarkeun ku pamaréntah keur program “perlindungan sosial” lain lumayan, mangtriliun-triliun jumlahna. Anggaran anu sakuduna diprioritaskeun keur nyiapkeun generasi milenial anu miboga kualitas dipéngparkeun heula kana program séjén keur megatkeun sumebarna coronavirus disease 2019.
Refocusing Anggaran di Kota Sukabumi
Diperlukeun tarékah rancagé antara pamaréntah jeung masyarakat dina nyiapkeun generasi Z jeung milénial dina raraga mapag bonus démografi tahun 2030 anu baris datang.
Jauh saméméh pandémi, geus jadi program matuh, pamaréntah ngayakeun calagara pelatihan jeung pendidikan keur para nonoman. Ku ayana pandémi korona, calagara-calagara keur ngaronjatkeun kualitas generasi Z jeung milénial. Dunya atikan ogé kagerus ku pandémi. Sok sanajan, tiap sakola ngayakeun pangajaran ku cara daring (online), tapi henteu kabéh sakola bisa nyumponan ngatik siswa ku cara daring.
Kusabab kitu, diperlukeun tarékah rancagé antara pamaréntah jeung masyarakat dina nyiapkeun generasi Z jeung milénial dina raraga mapag bonus démografi tahun 2030 anu baris datang. Kaayaan ieu wewengkon jeung nagara dina mangsa ka hareup kacida gumantung kana tarékah jeung ihtiar urang dina mangsa kiwari.