Swara Perintis FM - 93.1 MHz - My City My Radio

Penjabat Wali Kota Sukabumi: Milangkala Anu Ka-102 Nahdlatul Ulama di Kota Sukabumi, Rempug Jukung dina Ngawangun Indonésia Maslahat



Calagara – dina raraga miéling milangkala anu ka-102 taun Nahdlatul Ulama di Kota Sukabumi – lumangsung kalayan hidmat di Gedung PCNU Kota Sukabumi dina Kemis (30/1/2025). Hal ieu mangrupa hiji moméntum keur nguatkeun kolaborasi antara ulama, pamaréntah, jeung masyarakat dina ngawangun Kota Sukabumi sangkan leuwih maslahat.

Calagara diluuhan ku Penjabat Wali Kota Sukabumi, Kusmana Hartadji, unsur Forum Koordinasi Pimpinan Daerah (Forkopimda), jeung para alim ulama, kaasup Rois Syuriah PCNU Kota Sukabumi, K.H Abdullah Fauzi.

Iwal ti éta, sababaraha pajabat daérah di antarana, Kepala Kesbangpol, Kepala DPMPTSP, Kepala BPKPD, para camat jeung lurah, ogé ilubiung dina éta calagara. Warga Nahdliyin ti sababaraha unsur masyarakat hadir keur ngareuah-reuah poénan anu kawilang miboga sajarah keur organisasi Islam di Indonésia ieu.

Ketua Panitia calagara, Ismatullah nandeskeun yén ieu calagara mangrupa bagéan tina kickoff milangkala ka-102 NU anu dilumangsungkeun sacara nasional ti tanggal 15 Januari nepi ka 16 Februari 2025.

Anapon, Ketua PCNU Kota Sukabumi, K.H Anas Syakirullah nétélakeun pentingna sikep rempug jukung sauyunan dina ngawangun masyarakat anu maslahat.

“Sakumaha anu parantos kauninga, milangkala NU dina ping 31 Januari. Mugia urang sadaya teras tiasa rancagé sareng sauyunan dina ngawangun Kota Sukabumi, Ieu calagara baris dikawitan ku istigosah,” pokna.

Penjabat Wali Kota Sukabumi, Kusmana Hartadji ogé nandeskeun ngeunaan tarékah anu geus dilakonan ku NU dina ngawangun Indonésia, utamana dina widang atikan jeung sosial kamasyarakatan.

Taun ieu mah, milangkala NU miboga jejer “Bekerja Bersama Umat untuk Indonesia Maslahat”. Hal ieu ngébréhkeun tékad ti NU keur nguatkeun hidmah ka masyarakat.

“Salaku organisasi Islam pang ageungna di Indonésia, Nahdlathul Ulama parantos ngabuktoskeun ku kontribusi anu luar biasa, kalebet ka masyarakat Kota Sukabumi,”pok Kusmana Hartadji.

Kusmana nambahkeun yén PCNU Kota Sukabumi mangrupa mitra stratégis pamaréntah dina ngaronjatkeun widang atikan, sosial, jeung kaagamaan.

“Madrasah sareng pasantrén anu dikokolakeun ku NU parantos jadi tatapakan utama dina ngawangun generasi anu pinter, singer, tur bageur,” tandesna.

Iwal ti éta, Kusmana ogé méré pamuji kana sababaraha program sosial NU anu geus ngarojong masyarakat ti mimiti bantuan, kaséhatan, jeung nanjeurna ékonomi umat.

Penjabat Wali Kota Sukabumi nandeskeun kumaha pentingnya gawé rancagé antara pamaréntah jeung PCNU, utamana dina méréskeun rupaning isu sosial, nurunkeun angka kamiskinan, ningkatkeun kualitas atikan, jeung nurunkeun angka prévalénsi stunting di Kota Sukabumi.

“Abdi percanten, kolaborasi sareng rempug jukung sauyunan bakal lumangsung salamina sareng langkung kiat deui, utamina dina raraga mapag Wali Kota sareng Wakil Wali Kota pinilih,” pokna deui.

Keur mungkas sambutanna, Kusmana Hartdji ngajak ka sakumna masyarakat sangkan terus gawé rancagé jeung ngawangun kolaborasi dina ngawangun Kota Sukabumi.

“Hayu, urang jantenkeun milangkala anu ka-102 Nu ieu minangka motivasi kanggo ngiatkeun kakompakan dina raraga ngawangun Kota Sukabumi anu langkung maslahat,” ceuk Pj. Wali Kota mungkas sambutan.

Calagara milangkala NU bisa jadi mangrupa hal anu munggaran keur ngarojong calagara séjénna anu bisa mawa kaalusan keur masyarakat Kota Sukabumi. Saheuleut jeung sumanget NU dina ngabdi ka umat jeung bangsa.(Kang Warsa)

Dokumentasi  : Agus Rustiawandi

DOKPIM KOTA SUKABUMI
Pranata Kehumasan
Ross Pristianasari
Dokumentasi Pimpinan
Dokumentasi Pimpinan Komunikasi dan Dokumentasi Pimpinan Pemerintah Kota Sukabumi merupakan bagian dari Sekretariat Daerah Kota Sukabumi.